Senin, 03 Agustus 2020

PUISI BAHASA SUNDA: KAENDAHAN ALAM

“KAENDAHAN ALAM”

                                                         

 

Gunung ngajungkiring luhur...

Tangkal kalapa ngagupayan…

Kawas bade naros ka abdi…

Di langit sonten anu mimiti poek…

                    Abdi jempe sorangan…

                    Neuteup ombak anu ngagulung-gulung…

                    Kawas nuju ka sisi basisir…

                    Kalawan desiranna anu kitu halimpu…

Sareng reyem-reyemna panon poe…

Di rohang jomantara awan ngadigleg…

Kawas kapas nu diawurkeun…

Gumbira pisan ngabageakeun datangna wengi…

                    Sakitu lami ningali alam nu endah…

                    Sakitu lami ngocorna nikmat…

                    Teu kenging mopohokeun kawajiban syukur…

Teu kenging dugi hate deleka…

Alam ieu kitu endah…

Alam ieu kitu mentereng…

Hayu urang ngalindungan…

Supados angger kajaga endahna…


0 komentar:

Posting Komentar